translate

Sunday, May 8, 2011

biografi RA kartini (bahasa sunda )

Biografi RA Kartini
Nami : Raden Ajeng Kartini
Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879
Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera cikalna)
Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng SD
Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang
Prestasi :
- Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara
- Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Rembang
Kempelan serat-serat:  Door Duisternis tot Licht (Habis Gelap Terbitlah Terang).
Penghormatan  :
- Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional
- Dinten Babarna tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten besar
Sumber:
- Album Pahlawan Bangsa Cetakan ke 18, penerbit PT Mutiara Sumber Widya
- Wajah-Wajah Nasional cetakan pertama. Karangan: Solichin Salam
Raden Ajeng Kartini (1879-1904)
Pejuang Kamajengan Wanoja
Door Duistermis tox Licht, Habis Gelap Terbitlah Terang, nyaeta judul buku tina tina kempelan serat-serat Raden Ajeng Kartini nu kakoncara. Serat-serat nu diseratkeun kangge sobat-sobatna di nagara Belanda eta saterasna janten bukti sakumaha ageungna kahoyong tina Kartini pikeun ngaleupaskeun kaumna tina diskriminasi nu geus ngabudaya waktos zamanna.
Buku eta janten ngahudanggkeun sumanget para wanoja Indonesia dina merjuangkeun hak-hakna. Perjuangan Kartini teu ukur diserat di luhur kertas tapi dibuktoskeun ku ngadegkeun sakola gratis pikeun anak gadis di Jepara sareng Rembang.
Waktos eta, Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian  ku sepuhna.
Anjeunna mung sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkat tingkat sareng sakola dasar. Tamat  E.L.S, Kartini teras dipingit mangrupi  kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.
Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja wanoja sapertos karya-karya Multatuli “Max Havelaar” sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa.
Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge kangge ngamajukeun  sakola kangge ngamajukeun wanoja wanoja bangsa Indonesia. Sareng ngalengkah   kangge ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara. Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis.
malah kangge ngawujudkeun cita-citana, anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda ,maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu langkung tinuwih.  Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,  Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.
Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA Kartini teu kateter tekadna. Saatos atos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-wanoja lainna ku ngadegkeun ‘Sakola Kartini’ di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.
Naon  nu atos dipilaku  RA Kartini estu langkung Seueur pangaruhna kangge anjeunna kebangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun,  tanggal 17 September 1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna.
Ngemutkeun ageungna jasa Kartini netepkeun kangge bangsa urang nya atas nami nagara, pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.

Resep kana lebah naona hideup ka eta tokoh :
Ku margi anjeuna 1 wanoja nu tiasa nyandak ka majuan kangge wanoja bangsa Indonesia
Supados janten tiasa saderajat sareng nu lian.

Kumaha sikap hideup ningal ka unggulan /kamampuan tokoh nu di pika meumeut :

Bangga ku naon nu tos di pidameul anjeuna pikeun kamajuan kaum wanoja Indonesia






dedi iswanto

hanya manusia biasa yang mencoba belajar agar bisa bermanfaat untuk orang lain.

0 comments:

Post a Comment

Cari Artikel

 

Copyright @ 2015